DEWAN Da’wah sok sanajan wujudna Yayasan tapi boga gawé anu teu bina ti Orhanisasi Masarakat (Ormas) atawa Orhanisasi Da’wah (Orda) dina énggoning ngabénténgan umat tina panyakit Tahayul Bid’ah jeung Churofat téh nganggo sababaraha hambalan kagiatan.
Kahiji, ngirimkeun para da’i ka désa-désa nu aya di sakuliah Indonésia. Para da’i sumebar ka tengahing masarakat di daérah-daérah nu masih ‘rawan’ boh tina pamurtadan kaom palangis atawa masarakat nu masih héngkér agama katut darigamana ogé masarakat nu masih ngukut kapercayaan karuhunna.
Kadua, ku rupa-rupa tulisan. Déwan Da’wah ti pusat tug tepi ka propinsi boga média massa, saperti di Jawa Barat aya majalah Bina Da’wah nu medal dina basa Sunda, luyu jeung basa nu jadi sasaran da’wahna di wewengkon Sunda. Majalah Bina Da’wah medar rupa-rupa pasualan nu disanghareupan ku umat hususna di Jawa Barat.
Katilu, ku ngirim rupa-rupa buku, boh tafsir alQuran katut Haditsna atawa buku-buku séjénna pikeun référénsi para da’i jeung masjid-masjid anu jadi binaan Déwan Da’wah, bekel dina ngatik jeung ngabina para jama’ah.
Kaopat, ngadegkeun jeung ngabebenah ogé ngaronjatkeun pendidikan pormal, saperti paguron luhur atawa ngayakeun gawé bareng jeung paguron luhur pikeun nataharkeun para da’i tepi ka masagi dina agama katut darigamana, sangkan maranéhna bisa ngigelan jeung ngayonan tantangan jaman.
Pasualan-pasualan anu diungkulan ku Déwan Da’wah di daérah-daérah mémang acan bisa disebutkeun geus tinekenan kana hasilna kalayan nyugemakeun.
Kusabab kitu, Déwan Da’wah terus narékahan cara nepika da’wah téh terus lumangsung bari mayeng diantarana ku cara-cara saperti nu disebutkeun tadi.
Nu kalintang penting pikeun dikanyahokeun, yén Déwan Da’wah terus ngirim-ngirimkeun buku-buku pakét ka masjid-masjid hususna nu jadi binaan Déwan Da’wah. Éta lain saukur bekelna para imam jeung da’i wungkul, tapi jauhna mah pikeun nyiptakeun pabukon di masjid-masjid. K ayana pabukon nu dieusi ku buku-buku nu medar pirang-pirang pasualan bari bener, dipiharep masarakat téh daék maraca. Tepi ka ku resep maca téh lahir jama’ah nu jembar élmu agama jeung darigamana, sok sanajan maranéhna téh aya di wewengkon nu nyingkur jauh ka kota.
Mémang, ieu tarékah nu ditaratas ku Déwan Da’wah téh tug tepi ka kiwari masih acan nyugemakeun. Tapi ku ayana ieu tarékah, muga-muga baé kahareupna mah diiluan ku ormas-ormas Islam atawa lembaga Da’wah séjénna pikeun nyieun pabukon di masjid-masjid kalayan boga buku anu kawilang lengkep tepi ka masarakat di désa-désa bisa paham Islam bari bener tina sumber aslina, alQuran katut Sunnah ogé sajarah Rosul SAW sareng para sahabatna jeung pinter dina bagbagan darigamana. ***
Ku : HM. Daud Gunawan, SE. (Wk. Ketua Umum Dewan Da’wah Jabar
(Amre/ddjb/Alma’/bd)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar